HAKIKAT
‘IDUL FITHRI
الَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي
السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ
وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu
nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung
jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) manusa. Allah
mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Kecap عِيْدُ(‘Iid) mibanda harti “balik” atawa
“mulang”, sedengkeun kecap فِطْرِ (Fithri)
mibanda harti “ Suci” atawa “Kasucian” bisa ogé dihartikeun “Agama nu bener”
tur bisa mibanda harti ogé “asal kajadian”. Lamun urang mere harti kana
kecap فِطْرِ (Fithri) kana
harti “Agama nu bener”, maka hal éta téh nuntut ka urang pikeun “nyaluyukeun
kana hiji hubungan” sabab nyaluyukeun hiji hubungan mangrupakeun tanda ngagemna
hiji agama nu bener nyaéta agama Islam. Tegesna hubungan antara manusa
(Makhluq) jeung Allah (Khaliq), ku kituna Kanjeng Nabi saw. Kantos
ngadawuh أَلدِّيْنُ الْمُعَامَلَةُ (Ad-Diinu
Al-Mu’amalatu) tegesna yen agama téh hiji hubungan. Salian ti éta ogé silih
nasehatan ogé silih hargaan kaasup kana ajaran agama, ku kituna Kanjeng Nabi
saw. Ngadawuh أَلدِّيْنُ النَّصِيْحَةُ (Ad-Diinu
An-Nashihatu). Dumasar kana hal éta, maka satiap jalma nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) kudu tumuwuh rasa sadar
yen satiap jalma ngalakukeun hiji kasalahan, jeung tina kasadaran éta manehna
tumuwuh rasa pikeun mere
ogé narima hampura ti
batur ngeunaan kasalahan nu geus dilakukeun Kitu keneh lamun Fitrah dihartikeun
kana “kasucian”. Hal ieu bisa dirasakeun nalika urang aya dina kaayaan cicing
Tafakur (mikir) kana sagala kakawasaan Pangeran, Tadzakur (eling) ka nu maha
nyiptakeun, ogé Tasyakur (syukur) kana sagala nikmat Allah swt nu geus
dipaparinkeun ka urang. Sahingga karasa tumuwuhna rasa tingtrim bathin, tiis
pikir, ayem tengtrem, ogé Tuma’ninah (tenang) kaayaan. Saba’dana nyalsekeun
sagala masalah, rengsena kasibukan duniawiyah, maka bakal karasa ogé kadenge
hiji sora nu bijil tina ati sanubari ngajak ka urang pikeun ngobrol, ngajak ka
urang pikeun ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Suci, ogé nu ngajak ka urang pikeun
sadar diri yeng urang téh kacida lemahna di payuneun Nu Maha Agung. Sora nu
bijil tina ati sanubari éta téh taya kajaba sora fitrah urang salaku manusa nu
salalawasna ngajak pikeun ngabdi, ngaula ka Nu Maha Kawasa.Sora ieu ogé nu
sering ngajak ka urang pikeun salalawasna ngagungkeun ka Allah swt. Salalawasna
sora ieu téh noelan hate urang pikeun sadar, tapi ku sabab kapangaruhan ku hawa
nafsu duniawiyah nu nimbulkeun sibukna urang dina ngudag-ngudag ogé
nguruskeunana, nu akhirna ngakibatkeun tumuwuh mangpirang dosa-dosa, maka sora
“kasucian” éta téh terkadang ku urang sorangan tara diropea, tara dianggap. Sok
padahal sora éta téh taya kajaba nu sering diucapkeun nalika tepungna urang
reujeung عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri)
nyaéta kalimat ‘Takbir’ أللهُ أَكْبَرُ (Allah
Nu Maha Agung). ogé nalika urang ngawalan ngalakukeun ibadah sholat. Dumasar
kana hal éta, maka nalika kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah
Nu Maha Agung) bener-bener geus sumurup miraga sukma ngahiji ngadarah daging,
bakal ngaleungitkeun sagala rasa nu ngagantungkeun kana salian ti Allah swt.
Salalawasna bakal ngalahirkeun hiji tangtungan manusa nu wungkul ka Allah
ngagantungkeun harepan, wungkul ka Allah ngaula, wungkul ka Allah pikeun Ibadah
ogé wungkul ka Allah pikeun minangsaraya miharep pitulung إيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ.
Ibnu sina ngajelaskeun
dina kitabna Al-Isyarat wa Tanbihat, yen lamun seug manusa neuleuman kan
kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha
Agung). maka manehna geus asup kana golongan para ‘Arifin nyaéta jalma-jalma nu
bebas tina beungkeutan hawa nafsu duniawiyah, manehna salawasna bakal mapaes
dirina ku sifat darehedeh jeung budi nu marahmay, ogé mapaes dirina ku akhlakul
karimah. hal ieu timbul tina hatena nu pinuhan ku katingtriman, katumaninahan
(katenangan) nu nimbulkeun rasa gumbira, ku sabab salawasna ngahadirkeun hate
pikeun ngaagungkeun Allah swt, dina dirina tumuwuh rasa yen hakekatna makhluk
kaasup dirina the leutik, lemah, taya kakuatan dipayuneun Allah swt. لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ
الْعَظِيْمِ
Saterusna Ibnu Sina
ngajelaskeun, yen mun manusa geus tumuwuh rasa samodel kitu maka manehna bakal
boga anggapan yen rahmat Allah swt milik sarerea, boh pikeun jalma ta’at oge
jalma nu loba maksiyat. Manehna moal boga rasa pikeun ngarorek kasalahan batur,
nu aya malah sibuk ku menta hampura ka Allah tina sagala kasalahan, manehna
bakal jadi jalma nu hampuraan, moal aya rasa dendem, atawa ngucik-ngucik komo
nungtun raja wisuna, jauh tina dirina sifat gede ambek sanajan ningali
kamunkaran, manehna nyarek moal make jalan kasar komo garihal, estu bakal
nyarek ku jalan nu hade
kalayan nerapkeun akhlakul karimah sakumaha nu dicontokeun ku Rosululloh saw.
Najan ka dirina aya nu ngahina, nu nyacampah pasti bakal ditarima kalayan hate
nu pinuh rasa hampura. Sifat silih pikanyaah, silih pikaasih, silih pikaheman,
salawasna jadi papaes dina kahirupan, jauh tina pacengkadan, jauh tina
papaseaan. Hal ieu teh akibat tujuan hirupna wungkul hiji nyaeta لِبْتِغَاءِ مَرْضَاتِ الله (Pikeun nyuprih
atawa miluruh Ridho Allah swt.).
Makna Kasucian teh
gabungan tilu unsur: Bener, hade, jeung endah. Sahingga jalma nu nu
ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul
Fitri) nu mibanda harti mulang atawa balik kana kasucian, bakal salawasna
mapaes diri ku laku lampah nu bener, hade jeung endah. Sabab, ku akibat tilu
unsur eta saupamana jadi papaes diri manusa, maka bakal ngalahirkeun hiji
tangtungan jalma nu linuhung jeung pinuji. Manehna bakal salawasna miluruh
hal-hal nu hade bari salawasna milampah kahadean bari mapaes diri ku akhlakul
karimah nu endah bari salawasna ngajaga, ngariksa oge taat kana tetekon agama
jeung darigama kalayan bener-bener. Sabab ku laku lampah nu bener bakal
ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu salawasna ngandelan dirina ku elmu
pangaweruh. Sabab laku lampah hade bakal ngahadirkeun hate jeung sikep nu
pinuji oge ngalahirkeun tata laku pinuh ku kasopanan tegesna akhlakul karimah
salawasna mapaes diri, oge ku sabab kaendahan bakal ngalahirkeun seni kahirupan
nu endah ditingalina matak jadi eunteung pikeun nu sejen. Ku tilu unsur eta
bakal ngahalangan jalma pikeun milampah kasalahan, jauh tina kamaksiyatan.
Jadi dina raraga urang
mulang deui kana kasucian tegesna عِيْدُ
الْفِطْرِ (‘Idul Fitri), aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun,
diantarana nyeta:
1. Halal bi Halal
Halal bihalal ngandung
unsur silih hampura reujeung silaturahmi. Urang hamo manggihan dina Al-Qur’an
atawa Hadits nu nuduhkeun kana ngajelaskeun harti nu pasti ngeunaan halal
bihalal. Istilah halal bi halal mangrupakeun budaya khas urang Indonesia. Nu
hal eta bakal nimbulkeun harti nu sifatna teu pasti pikeun bangsa
deungeun-deungeun luar bangsa indonesia dina ngahartikeunanas sok sanajan maranehna
paham kana ajaran islam oge paham kana bahasa Arab. Tapi najan bari kitu, halal
bihalal bisa ngandung sababaraha harti atawa makna, nu bisa ditingali ku
rupa-rupa paham dina ngahartikeunana.
Lamun ngabahas ngeunaan
halal bihalal segi hukum, maka urang bisa nyokot harti yen kecap halal teh
lawan tina kecap haram. Sedengkeun kecap haram mungguhing
nyaeta hiji perkara nu
dilarang, mun seug dilakukeun bakal nimbulkeun dosa oge ngakibatkeun turunna
siksa pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Megatkeun silaturrahmi atawa tali
duduluran teh hukum dilarang dina agama islam, maka ku ayana halal bihalal jadi
bisa nyambung deui. Nu teu akur jadi akur, nu silih pikangewa jadi silih
pikanyaah, silih pikaasih.
Sedengkeun makna halal
bihalal ditingali tina segi bahasa, maka bisa ditingal tina asal kecap halal
eta, asal kecap ) حَلَلٌ halal( teh tina
kecap حَلَّ )halla(
atawa حَللَّ (halala) nu
mibanda harti nu pirang-pirang diluyukeun jeung kecap panyambungna atau
gabungan kecap samemeh atau saba’dana. Kecap kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala)
bisa mibanda harti “nyalsekeun masalah atawa kasulitan”, bisa oge dihartikeun
“Ngabereskeun benang nu pakusut”, bisa oge dihartikeun “ngahencerkeun perkara
nu ngabeku atawa nu teuas”. Bisa oge dihartikeun “ngaleupaskeun tali nu
ngaborogod”. Dumasar kana pirang-pirang harti eta, maka halal bi halal teh
ngandung makna atawa maksud pikeun ngayakeun hiji tindakan pikeun ngarubah
hubungan nu tadina kiruh jadi herang, atawa nu tadina teu akur jadi akur, nu
tadina kaborogod ku tali ka ngewa jadi bebas oge silih bebaskeun ku tali kaasih
jeung kaheman. Tegesna silih hampura tina sagala kasalahan jeung dosa antara
sasama.
2. Silaturahmi
Silaturahmi asal tina
dua kecap nu disambungkeun nyaeta tinda kecap صِلَةٌ(Shilat)
jeungرَحِيْمٌ (Rohim). Kecap صِلَةٌ(Shilat) asal tina kecapوَصْلٌ )Washl( nu mibanda harti
"nyambungkeun" atawa "ngumpulkeun". Sedengkeun kecap رَحِيْمٌ (Rohim) mibanda harti "kaasih"
atawa "kaheman", nu bisa ngandung harti oge hiji anggota badan nu aya
di kaum hawa’ nyaeta hiji tempat nu nyimpen bahan pi-anak-keun tegesna
“kandungan”. Sabab saban anak nu dikandung ku hiji istri salawasna meunang rasa
kaasih oge kaheman. Jadi صِلَةُ الرَّحيْمُ )silaturahim(
bisa dihartikeun "nyambungkeun tali kaasih nu geus pegat", atawa
"ngumpulkeun rasa kaheman atawa rasa kaasih nu pabureuncay atawa nu geus
papisah".
Dumasar kana hal eta
sahingga luyu reujeung dawuhan kanjeng Nabi saw. :“ Lain disebut silaturahim
pikeun jalma nu ngabales kana anjang sono atawa males pamere (hadiah) nu dibere
ku nu lian, tapi nu disebut silaturahmi nyaeta jalma nu nyambungkeun
perkara nu pegat atawa
ngumpulkeun perkara nu papisah” (H.R. Imam Bukhari)
Malah dina dawuhan nu
sejen Kanjeng Nabi saw. Ngajadikeun hiji ukuran pikeun hiji jalma ngeunaan
kaimanana ka Allah swt. Ku dawuhanana: “Sing saha jalmana nu iman ka Allah
jeung poe akhir, maka sambungkeun tali kaasih jeung kaheman”
Oge dina dawuhan Allah
swt:
َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ
الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل
عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu
nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung
jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) jalma. Allah
mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Asbabun Nuzul ieu ayat
teh nalika kajadian ngeunaan kasaksian palsu Misthah ka siti ‘Aisyah, abu baker
sumpah nalika kabuktian eta tuduhan teh bohong, maka anjeunna sumpah hamo mere
nafaqoh deui ka Misthah. Kukituna Allah maparin wahyu ka Kanajeng Nabi saw.
Supaya didugikeun ka para shahabat supaya ngahampura ka jalma nu ngieun
kasalahan antara sasama. Tah Dina ayat ieu aya tilu hal nu kudu jadi sikep
urang, nyaeta: 1) Nahan Kaambek; 2) Mere hampura, jeung 3) Migawe kahadean.
Dina al-qur’an kecap
hampura teh make istilah أَلْْعَفْوٌ(Al-‘Afwun)
nu ngandung harti "ngagugurkeun" atawa "ngalebur". Kukituna
jalma nu silih hampura ngandung makna silih gugurkeun atawa silih leburkeun
tapak-tapak kasalahan nu geus dilakukeun.
Dumasar kana hal eta, maka
dina raraga urang neuleuman makna عِيْدُ
الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) ieu, maka tilu hal eta kudu jadi kagiatan
urang dina ngeusian عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul
Fitri) oge dina raraga ngawujudkeun diri urang teh jadi jalma nu mulang atawa
balik deui kana kasucian. Tegesna urang kudu muka lambaran anyar kahirupan bari
nutupan lambaran heubeul nu kiruh pinuh ku kokotor kahirupan nu jadi hahalang
urang deukeutna ka Allah swt. Mudah-mudahan urang kagolong kana jalma nu barik
deui (kana kasucian) oge golongan jalma-jalma nu meunang kabagjaan, tur Allah
nampi kana ibadah shaum urang. Amin Ya Allah Ya Robbal Alamin. Wallohu A’lam
Bish-Shawab.
No comments:
Post a Comment